Rabu, 19 Desember 2012

ti Kang IsMaya

Pasar antri pasar luhur
Pasar rame sisi jalan,
Da teu ngarti nu diluhur
matak rame anu moyan.
 


Samping lurik nu ti tasik
Jalaprang kembang garutna,
Anu calik ulah belik
Akang ka gembang imutna.


ti Helmi Pakudjati

Ngala hurang disairan
Dipais pedo rasana

Hayu urang silih pairan
Ngaraketkeun anjangsana.

ti Imas Sunarti

Ngala hurang disairan
Pangalengan sisi gunung
Hayu urang sisindiran
Ulah sok gampang kasinggung.

Sabtu, 10 November 2012

ti Kang IsMaya

Tangkal Saga sisi Imah
Ngarambat tepi jandela,
Lamun jaga mendak bungah
Ulah lali ka nu bela!


Ibun na jukut tetelar
Walungan ngéplok caina,
Muhun da kitu ilahar
Geus nanjung poho jangjina!

ti Kang IsMaya

Sadinten di Rajapolah
Saparantos ti Cimanggung,
Mun Anjeun leubeut kanyaah
Tangtos seueur nu ngadukung!


Kuhoyong ngawédang bandrék
Tales jeung hui gandola,
Kuhoyong tepang sadérék
Anu leres bakal béla!

Jumat, 09 November 2012

ti Kang Ties

Mani hieum tangkal loa
aya lember na buahna,
Lamun teu sieun mertua
Abdi suwer rek midua.

ti Kang IsMaya

Ka Bandung ka jalan braga
sapayung basa keur sore.

Kabingung moal teuaya
satungtung teu boga gawe.


Ka Bandung ka jalan jawa
nyandak saron sareng goong,
Bingung jawabna kumaha
aya Enon ngajak ngomong.