Jumat, 30 Desember 2011

'wayahna'

wayahna dunungan didieu urang
di karangkeng

ulah kingkin
mun urang nyangsaya kena wisaya sorot mata buringas rahwana
nu
merong sintawati linggih di taman kaputren.

jep ulah balilihan
mun jahayang teu katedunan
'pan urang geus paheut pasini

seja masrahkeun keun rasa nu liar

ka kukupu,ka bangbara jeung
ka manuk manuk anu pating alabreung di luar teu reureuh
muteuran kuwung-kuwung mumunggang
kahayang urang nu lir kuda lepas ti gedogan

Wayahna
urang kedah tigin kana jangji
nu wening

ulah janten rengat galih ulah dunungan
ulah ngaraheutan manah salira

mun rasa liwar sesah di kadalina
da
bongan lain kumbakarna
nu dumuk
nyerekem na jero dada urang.

bdg.

'cariosna'

eunteung
rék ngeunteung pikeun eunteung

keukeuh nikreuh teu ka onggét ku geureuh

teu sapuk

eunteung

tetep
ngeunteung,

keur anteung ngeunteung

ungah ingeuh
teu eungeuh ditakon nu dieunteung

ih, ari eunteung nu keur ngeunteung

tempat ngeunteung

pieunteungeun paranti kumaha pakumaha

nu bakal dikumaha

jeung kudu daek ngumahakeun

kumaha.

bdg.

'mangprung'

Keun baé rék béak gunung ditugar
dikeruk.

Laut ditawu diperes tepi

korédas.

Moal jadi pikir ieu,


sabodo


nu penting mah asal kahayang cumpon


nu démplon bisa karungkup

kusarung.


Keun baé arék norék


sabodo rek disebut hirup ngablu teu puguh alang

ujur na ge.

Moal ieu digugu


laku mo mulang ka mistina


da geus pasti éta sirik nu siga pasir pasir bulistir

pada merong
Lukisan huma keur sumedeng panén

percis ucing ucing kumetap ngajeueung

lauk asin
na jero toples.

bdg

Selasa, 27 Desember 2011

'lagu liwung'


angin ngaratu
limbung
liwar
bibilasan
ngeuret pucuk pucuk kembang harepan.
nu atra
kumelip bentang timur
                                                      
midang ditiap pasang panon nu fitrah

jeung
imut rekah bulan mabra
 

nembangkeun rumpaka silung 
saparat
gurat dampal leungeun na tiap-
 

tiap keteg parapatan 
jeung
pasimpangan jalan...
bdg.

'Saur saha'

Saur
saha ka angin-angin

ruhayna burahay
seuneuna beureum ngabebela matak keueung

ngarerab kahadean nu ambalayah 
kawas pangpung sakilat ludes

ka angin-angin
 hangit rasa bayengyang hihiliwiran!

                                                         ties k '97

Minggu, 25 Desember 2011

'maca sajak'

maca sajak nu imut miang muru
gelenyu Salira

méga nu ramijud
dumadak reueuk peuteung 
ngalungsar na cehcer kilat pating gurilap

rasa kirik 
kawas diteukteuk buntut 

babaung meulah langit 
nyasar
kecap demi kecap sajak nu imut miang muru
gelenyu pangkonan Salira.Jungjunan!

ties k.porib '95.

Sabtu, 24 Desember 2011

'damar jangkung'

:keur diri.

Damar Jangkung
nu naplok na tihang tepas kuring
hibar nyaangan jalan pangliwatan


"Haturnuhun...
nanging Salira teu katingal
:Saur Anjeun mani halimpu"
ngageuleunyu Manis ka kuring.

ties k.'11.