Selasa, 17 Januari 2012
'ntos pada uninga
'ntos pada uninga
anu tonggongna mintul
pakarang urang
sanes pedang
da ti baheula mula
namina teu acan digentos
janten masih angger pakarang urang
namina bedog'
ties k'bdg
Sabtu, 14 Januari 2012
'serat keur melur'
seja
ngalinduk situ
pikeun
pangbeberah rasa Salira
nu kasawang lawas katambias
tigerat
mugia tingtrim
wening galih nganjrek didieu Jungjunan
bdg
Lagu lawas
Teu lepat,
lamun balebat endah ngiwat soca
Tuda bongan,
eta lagu meni halimpu
dina rasa anu lawas ngangkleungan jempling.
Teu lepat,
lamun bihari meni kunyari
dina wanci anu ngamalirkeun hariring harepan.
teu, teu lepat Jungjunan
lamun janteun eunteung tempat nguntun tineung
sok sanajan hate kalan-kalan katambias nganteungkeun kakangen.
'nuju tunuh tingkat tinggi ah
'
Postingan Lebih Baru
Postingan Lama
Beranda
Langganan:
Postingan (Atom)