Jadi inget ka si Jalu. Wanci
teu beda!, Nyegruk na jero dada.
Munggel ka cinta,
teuteupna ngalengis masrahkeun bangkarak sareupna,
ka kuring nu leuir datang ngarurum:
Memeh nu miang ilang diteureuy peteng ka sarakanna.
jtwg
Senin, 27 Februari 2012
Selasa, 21 Februari 2012
_Sajak Senter_
Abong ku Senter
sakitu rembet kakayon
jeung pasolengkrahna eurih
tetep bisa totorose
Seseleket
mintas leumpang ngagandeuang
nepi ka tungtung udagan
meh badis macan teunangan.
Abong geus jirim na Senter
najan hieum reujeung suni
ku teuneung leber wawanen
mintas hara-haraeun nu peteng
geus teu sieuneun kalangsu
ngararud kabeh tujuan,
Mani ngangkleung ludeung ngilangkeun ka keueung!
crbn0212.

Sabtu, 18 Februari 2012
tiris na reumis janari
Reumis Janari na ranggeuyan riak-riak Jaladri.
Pating karelip-pating borelak,
nu nyangsa nu ramohpoy, Rarayna helas.
"Ning sesah nguntun ibun nu nyalangkrung!",lirih angin ngahiliwir
meulit na akar eurih, nu ramisak cangcaya gebyar Sumirat.
jtwg
Pating karelip-pating borelak,
nu nyangsa nu ramohpoy, Rarayna helas.
"Ning sesah nguntun ibun nu nyalangkrung!",lirih angin ngahiliwir
meulit na akar eurih, nu ramisak cangcaya gebyar Sumirat.
jtwg
Senin, 13 Februari 2012
Nagari Teuing
Di Nagari Teung Duit jirimna Sinatria, Jawara nu masagi ku Pangarti.
Lamun sakalieun Patelak,
rek di pakalangan atawa jero roangan tara ieu eleh abar. Jeung lamunKacangkalak terus di Berok,
Da Saligsig Beusi sakumaha wedel jeung tohaga ge
ari ku make jurus Besot,Suliwa jeung Caladi Noktrok mah...Burak!
Aya deui nu leuwih dipikagimir tepi kamiris merhatikeunna, Nyaeta
jurus Buaya Ngangsar. Hiji Jurus nu biasa digunakeun di tikungan atawa
parapatan Mangsa padungdengan jeung lawan,
Nya sok dikombinasikeun jeung gerakan jurus Capit Hurang
atawa Comot Dage nu matak Seueul kana Angen!

Minggu, 12 Februari 2012
Kalapa
Di Buruan karesep,
Buah Kalapa nu Leutik keneh murag,
Kuring tanggah. nu Meujeuhna, Kolot jeung Puan masih pageuh dina manggarna.
Nunggu waktuna diala,
teuing saha nu heula bakal dipetik kunu Boga.
jtwg...
Buah Kalapa nu Leutik keneh murag,
Kuring tanggah. nu Meujeuhna, Kolot jeung Puan masih pageuh dina manggarna.
Nunggu waktuna diala,
teuing saha nu heula bakal dipetik kunu Boga.
jtwg...
Dunungan
Sapedah nurugtug lumpat.Jalan mudun lebah tikungan,
legok teu katara, leup tiporos...koleang,
Dunungan ngacleng, gejebur kasolokan.
Sakabeh maido pedal nu ngagoes sangenahna,
pedal bela diri nyarekan gilinding hareup nu maries teu ati ati.
Setang api api kapiuhan,
Dunungan jibrug ngarongheap humaregung bau jigong,
ulak ilik ka nu sadel terus diusapan, sakabeh digusur.Jamedud.
jtwg
Sabtu, 11 Februari 2012
impenan
ngadalingding kasturi. gumilang mangrupi kaendahan nu teu kabayang, lawang tresna nu muka lega teu kaukur. nu ngantri lebet,raray raray cahaya. barisan imut nu nemu gelenyuna, madu nu bakal mibanda mamanis salanggengna.
panto tresna, nu someah ngahiap, gupayna asih paromanna deudeuh. pangbagea ka ati anu kasinugrahan bagja. sisi lawang belah kiwa dina kempelan harendeg nganti ngaheruk, neuteup seukeut ka kuring. Pameunteu deudeuh ngaharewos ka kuring, suantenna halimpu kukupingen.
" Poma ulah meutingkeun Amanat,ulah ngalalaworakeun piutang!"
"pa,apa...Aa ntos ibakna...enggal gugah. bade ka cai mah. bilih kasiangan ka masjid!"
korejat kuring lilir,hudang tina korsi. budak lalaki kuring,dirangkul dicium tarangna.
gura giru kuring ka enggon. handapeun bantal bengketan amplop gajih kaamanan lingkungan can kabikeun. leuh geus tanggal 10 ieu teh!
Kang Ismaya .Ctr'0212

Langganan:
Postingan (Atom)