Sanes Sajak
Ieumah waktu keur nandang musibah
basa dua pupu kulitna kakupas
kabesét cilaka
témbong euceuy daging na
baloboran getih
ilang nyeri
sok sanajan disasaak raja peurih
teu ieu karasa
da harita daging keur mati suri !
====
lagu gandrung keur lembur kakasih
kawas jangjang mendung
jeung gelebugna angin
ngepriskeun girimis
atawa ting karelipna lampu lampu kota
nu beuki alum dina paneuteup
nundung rasa
nu moal kamana mulang
lian ka sieup imut kuku salira,enung!
====
Serat Salira
Lagu lawas ti nu Kaset ngalaeu
rumanggiyeung
ati es batu ngarengkenek
Jatukrami
jeung wirahma
dina wanci nu ngamalir kingkin.
====
Sareupna
Jadi inget ka si Jalu. Wanci
teu beda!, Nyegruk na jero dada.
Munggel ka cinta,teuteupna ngalengis masrahkeun bangkarak sareupna,
ka kuring nu leuir datang ngarurum:
Memeh ilang diteureuy tikungan miang ka sarakanna.
====
reret
Imut Salira rekah!
Pageuh nalian juru paneuteup,
ngoyagkeun rohangan haté nu simpé.
Mulang-antingkeun angin nu humandeuar.Kukuh!
Iwal Salira, nu cékas dina implengan nu célak.
Nyelap dina beungkeutan sagala warni nu ligar hégar.
Hamo kasilih nu lian dina renungna kahayang, dina tumamprakna alas harepan,
nu nyambuangkeun wawangen impian.
====
balebat
kecap can tuntas ngoréhan rasa,
kitu deui teuteup can mernah tinemu euntreup.
Nnging Salira tos calik mungkas dina jangjang gupay,
muteran tineng. nalimbeng.
====
ramisak
Reumis Janari na ranggeuyan riak-riak Jaladri.
Pating karelip-pating borelak,
nu nyangsaya nu ramohpoy, Rarayna helas.
"Ning sesah ari nguntun nu ibun nyalangkrung teh!",
lirih angin ngahiliwir meulit na akar eurih,
nu ramisak cangcaya gebyar Sumirat.
====
Angin
Kayungyun
ari ka angin nu keur
ngadalingdingkeun hiliwir na.Dugi ka nu calik di tepas gé
ngalenggut tumaninah,lat hilap ka sareupna,
ka wanci nu samporét tiap usik teu wéléh ngémutan ngampih ka diri.
Saèstuna! Kumatak kayungyun ari ka angin nu keur ngadalingdingkeun hiliwir na,
dugi ngeleter na emutan. Sami!
Jeung ieu rasa nu teu tiasa jejem!
=====
Senter
Abong ku Senter
sakitu rembet kakayon
jeung pasolengkrahna eurih
tetep bisa totorose
Seseleket
mintas leumpang ngagandeuang
nepi ka tungtung udagan
meh badis macan teunangan.
Abong geus jirim na Senter
najan hieum reujeung suni
ku teuneung leber wawanen
mintas hara-haraeun nu peteng
geus teu sieuneun kalangsu
ngararud kabeh tujuan,
Mani ngangkleung ludeung ngilangkeun ka keueung!
Jatiwangi