abdi hoyong duit ketip
duit kencring nu baheula,
abdi jalmi anu laip
moal mecing jeung salira!
aya ngimpi nuju ngimpén
lilir na janari ahir,
ieu ati hoyong lirén
nampi kana garis ahir!
pagendingan rajapolah
kamari keur usum buah,
dalingding ieu kanyaah
mangga tampi ku kabingah!
hayang supa jeung sarundéng
tambih udang jeung kelewih,
na bisa bakal ngaréndéng
pami urangna patebih!
saninten di belah opat
di bungkus talina pita,
hapunten upami lepat
ieu mung tawis micinta!
'citra'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar