Rabu, 16 Mei 2012

Heureuyna, Dulur-dulur GODA!

Indit mancing ka Cirata
ngan menang lauk gurame
niat hayang cuci mata
ngan loketna mani  hepe.
<Lilis Pahlawani>

rek mancing ka belawan
jadina mah da ka Cirata
rek ngeceng ka parawan
<Aby Reueus Kasalira>

Basa nganjang ka Cirata
di suguhan kue ageur
Sanajan menangkeun Randa
Anuu penting asal bageur.
<Lilis Pahlawani>

Ageurna ti singaparna
Ti Cikelet kalapana,
Ari heureuy ka anakna
Nu kapelet beut indungna.
<Asep Nugraha>

ti cikeulet meuli beubeur
Nyimpang rek meuli kabaya
Di cek bisi teu bageur
Singhoreng gening buaya.
<Lilis Pahlawani>

Sasajen kembang campaka,
Susuguh surabi peungkeur,
Najan di sebut buaya,
Nu puguh Abdi bageur.
<Asep Nugraha>

Ka Cirata ka Calingcing
di rakit bayawak cicing,
Cinta aki ngaligincing
Duit béak bati pusiiiiing
<Ki Jante>

Calingcing babakan garut
Mawa jejer ukur hiji,
tong pusing bari samutu
Komo mun kabawa teler.
<Lilis Pahlawani>

Ti maléér ka cipedes
rék teras ka jalan jurang,
Arék télér aki pantes
Hoyong nikah kanu lenjang!
<Ki Jante>

Ti catetan sisindiran Sukma Dangiangan

Bongan bangkong bongan bangkong,
ka cai teu dimandikeun,
Bongan bohong bongan bohong,
pasini teu dijadikeun.

Ngala suluh ka Cililin,

acan kakejo parena,
Ulah rusuh ngajak kawin,
acan katenjo hadena.

Ngala pangpung meunang ruyung,
ngala regang kai laban,
Gering nangtung ngalanglayung,
lantaran ti kaleleban.

Ngala suluh ka Cicurug,
ngala regang ka Ci heulang,
Najan jauh kuring jugjug,
najan anggang kuring teang.

Cai mulang cai malik,
cai ngocor ka astana,
Bingung mulang bingung balik,
kabongroy kieu rasana.

Ngocok bogo ka sagara,
ngala penyu ka basisir,
Nya bogoh ulah katara,
neundeun semu dina piki
r.

Ti catetan sisindiran Sukma Dangiangan

Es lilin ku amis tiis,
diseuseupan ku barudak
Matak isin ku nu geulis,
dikiceupan bet ngadilak.

Awi bitung awi wulung,

barala dapurna bae,
Anu jangkung ulah pundung,
dosa mah hampura bae.

Pipiti di bungawari,
tetenong dibobokoan,
Lalaki jaman kiwari,
hade omong pangoloan.

Paribasa nganyam samak,
neukteukan bari motongan,
Paribasa neang anak,
ngadeukeutan popotongan.

Ti peuting samping geresik,
ti beurang tumpal bandera,
Ti peuting pagilinggisik,
ti beurang papanggih era.

Ku naon kanyere semplak,
Mana semplak ku tiwuan,
Ku naon awewe nyentak,
Mana nyentak timburuan.

Minggu, 13 Mei 2012

Ti catetan sisindiran Sukma Dangiangan

Ti Soreang ka Garunggang,
meser bengsin dikalengan,
Sanaos arang patepang
batin tetep sasarengan.

Ngala suluh ka Cicurug,

mapay-mapay Cimandiri,
Ka mana abdi ngajugjug,
milari panutan ati.

Sanajan aya talina,
moal cara jeung areuyna,
Sanajan aya gantina,
moal cara jeung anjeunna.

Daek soteh ka Sayati,
narah jalan ka Soreang,
Daek soteh mun ka gusti,
ka nu sanes mah teu hayang.

Ari payung payung Jepang,
keur Jepang di ka parakeun,
Ari jauh hoyong tepang,
geus tepang disapirakeun.

Hayang iuh make payung,
kumaha mukakeunana,
Hayang wawuh jeung nu pundung,
kumaha ngupahanana.

Ti catetan Sukma Dangiangan

Itu gunung ieu gunung,
Gunung pangupukan puyuh,
Itu pundung ieu pundung,
Pundungna teu puguh-puguh.

Ka Cibogo ka Cisempur,

meri diparaban kina,
Kabogoh direbut batur,
nyerina kabina-bina.

Ngala supa diruasan,
barera di sisi leuwi,
Ulah waka luluasan,
bisi era balik deui.

Ngala pancar ka Cinangka,
ngala awi jeung iwungna,
Babakalan ka anakna,
ari kawin ka indungna.

Melak pandan di buruan,
ngajajar reujeung malati,
Ulah waka timburuan,
da tacan jadi salaki.

Kajeun teuing tunggul kisut,
malela dijieun suling,
Kajeun teuing goring patut,
asal nu bela ka kuring.

Sabtu, 12 Mei 2012

Catetan Sukma Dangiangan

Kuring mah alim ka Bandung,
sieun ka Sumedang hilir,
Kuring mah alim dicandung,
sieun ditinggalkeun kilir.


Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Soreang bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.


Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
sing emut ka diri abdi.

Baju tablo dibulao,
kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
terang-terang geus ka batur.

Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae,
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Catetan Sukma Dangiangan

Kasur jangkung bantal panjang,
Nya bogo di ka caikeun,
Anu jangkung kuring melang,
Nya bogoh urang jadikeun.

Daun nona daun saga,
Katuruban ku jarami,
Teu ayeuna sugan jaga,
Kasorang ku diri kami.

Kukulu di buah manggu,
Pisitan buah ramanten,
Kuru lain ku teu nyatu,
Mikiran nu hideung santen.

Suwangkung ulah dihumbut,
Pikeun tihang papajangan,
Nu jangkung ulah sok imut,
Bisi kuring kaedanan.

Cukangkang diguling munding,
Kincir ngait kana wijen,
Duh akang kumaha kuring,
Pikir ngait ka nu sejen.

Catetan Sukma Dangiangan

Cukangkang diguling munding,
Kincir ngait kana wijen,
Duh akang kumaha kuring,
Pikir ngait ka nu sejen.

Puyuh ngungkung dina kurung,

Titiran dina irateun,
Isuk nguyung sore nguyung,
Mikiran piduriateun.

Badoang manuk badoang,
Hiberna kana wahangan,
Dagoan kuring dagoan,
Sapanjang aya halangan.

Lamun hayam dina korang,
Meureun hese usik malik,
Lamun heg henteu kasorang,
Meureun paeh ge buncelik.

Bangbara dina bangbarung,
Kulit munding kahujanan,
Sangsara kuring dicandung,
Gulang-guling ngan sorangan.

Haruman gunung haruman,
Boboko di ka parakeun,
Kaluman kuring kaluman,
Kabogoh geus nyapirakeun.

Rabu, 09 Mei 2012

Imut Manis!

Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana.
<Kesrom Neblexs>

Wayahna gentos ku ragi

Nyeri mah sanes ku kapsul,
Endahna tos rumah tanggi
Wengi jum'ah Sunah Rosul.
<Akank RAka>

Cai nyurug kanu lemah
Ditandean ku boboko,
Nyai ratug akang tanggah
Ngalendean na parako.
<Dedi Setiadi>

Poe kemis ngadu kuda,
Moro uncal meunang embe,
Najan geulis teu kabita
Da bongan etana gede.
<Dedi Setiadi>

Rancatan awi nu bengkung
Siwur mah paragi nyiuk
Ku akang nyai sok embung
Nunutur bari gek diuk.
<Akank Raka>

Ti Galih Wening

Jalanna jalan ka tonggoh
Nu maksudna arek ngobor,
Hirup mah kudu alewoh
Ngarah teu pareumeun obor.
<Aby Reueus Kasalira>

Daun kadu nanangkaan.

Ngarambat kanu angsana.
Urang kudu tatanyaan.
Kanu loba pangabisana.
<Dedi Sutiadi>

Ngemploh hejo daun kangkung.
Di ical ka kota bandung.
Gusti Alloh Maha Agung.
Ku urang wajib dipunjung.
<Dedi Sutiadi>

Aya seumat dinu tilam
Katincak kunu ngaliwat
Umat anu ngaku islam
Iangtu ngalakonan shalat.
<Akank Raka>

Dimana nya melak pare
Melak sampeu mah ditegal,
Nu migawe lampah hade
Ibarat nu boga modal.
<Kesrom Neblexs>

Hampelas raraga jati
Palataran babalean,
Ikhlas raga srg pati
Ngabelaan kasaean.
<Kesrom Neblexs>

Minggu, 06 Mei 2012

Imut Urang

Di cai sanes di kamar
Basa abdi nyumpit gaang,
Ka Nyai sanes ngalamar
Tapi abdi nagih hutang.

Babantos di Sukajadi

Moal janten moe pare
Sawios Henteu ngajadi
Nyai Moal nyeuri hate.

Dadali di bintih Heulang
Hayamna teuing kamana,
Kamari manggih nu lenjang
Nganjangna kuma carana?

Bako mole daun kawung
Cikopi gulana beureum,
Ogo hate anu gandrung
'pun abdi teu bisa peureum!

Beuleum peuteuy pencok hiris
Dina langseng di talian,
Peureum kadeuleu nu manis
Matak lungleng pipikiran.

Daun Suji Daun Jati
Daun Suren Daun Kawung,
Kabeh puji anu Gusti
Ulah Liren menta Tulung!

'citra'

Sabtu, 05 Mei 2012

Hiji Waktu



Urang tepang luhur méga
silih kait imut
sareng ngusapan warna kulawu

Sapertos kukupu silih udag
muteran mangpirang  kembang warna-warni nu mangkak di patamanan
atanapi
Sapertos jaulna japati nu mébérkeun bodas jangjangna
ngaprak mega urang nu simpe, tresna!

=== ===


: Keur R

ti tutuwuhan pakarangan;

salambar daun buah ngémploh
leupas

ngalayang
muntang ka angin

hayang anteng
ucang-anggé dina méga

ngaguar cékasna tresna
jeung
anu miang teunangan

anu hilap
henteu heula nunda kila-kila

basa
gelenyuna
gesut muru ngambah nagri, Impian!

=== ===


balébat

:keur enin!

basa,
can tuntas ngoréhkeun rasa.

paneuteup gé,
can mernah nemukeun euntreup.

tapi naha,
salira énggal cengkat mungkas?

ngalih linggih
dina jangjang gupay.

muteran tineung, Nalimbeng!

=== ===


Di tepas karang tineung

naha raray haté masih helas, apan antara tos di pupus?
teu kedah tunda talatah,
oge néang lolongkrang nu rembet rasa hariwang yén urang bakal paturay!
; saur anjeun anu lilir ti pajuaran sanubari,
basa rasa katambias galindeng sora turaés nu mapag musim katiga!

Karang Katineung '85

===   ===

Catetan Lawas

'helang'

na
tangkal nu ngarangrangan

teu
anteng
na hiji regang

gelikna
ngerewes simpe

buringas
meuleum bayeungyang.


=== ===


'halteu'

abdi;
salah sawios
halteu nu suwung

kabakutet
paneuteup angkeub
ngelekeub.

simpe;
nyangsaya
di jero roangan

nineung
sapanjang
bangku-bangku pulas hideung
ngalaeu.

tigin;
jeung tuk-teuk jarum
jam dingding
naplok na tembok, ngulet

nganti
kolenyay sinyal bagja
yen salira baris ngahiap ieu harepan.

=== ====


'Sa-arit bulan'

'ngorehan deui
sa-arit bulan di langit tineung

ukur diri
rambisak na belegbeug mega

awor jeung ceudeum
di gintir heokna angin, kingkin

di pangpengkeun
kaburuan bala gandrung, liwung.

===== =====


'hiji sonten'

: R

purnama
kapindingan mega bodas

angin lilir
rema leah ngudar beulitana

duh,
asih urang diayun dangding Enung

endah
lir purnama

neuleuman
genyasna Situ rumpaka

jtwg'89.


== * ==


'Cangcaya'

: keur anjeun

' mun kongang itu purnama
 sina nampeu

 kana raray hate anjeun
 nu meredong jungkrang tepi cekas
 katingal dasarna

 didinya
 naha enya aya amparan batu nemprak
 anu ngeplak
 jeung nyatet pageuh ngaran kuring?

 cenah endah
 meunang natah ku asih
 jeung cipruk ibun kaheman pating karetip

 na tiap usik jeung renghap anjeun
 henteu reureuh
 migandrung katresna kuring!

( nu ieu mah
 ti
 Sanggar Remaja 1978,Bandung Selatan
 catetan Kang Ismaya)

 Karya: Kang Ismaya dan Ki Jante Arkidam
===  * ====

Kenging, Mamah Fidhel Chantix:

Ngala parena ku Arit
Nepi ka waktuna burit,
Asa aya anu leungit
Na hate asa nyungkelit.


Peurah naon peurah naon
Mun keulat sok karacunan,
Pedah naon pedah naon
Anjeun beuki ngajauhan.

Dina pare loba serah
Sok atuh geura pisahkeun,
Lamun enya Abdi salah
Cik atuh geura terangkeun.

Ka landeuh neangan tamba
Kumis kucing keur leobeun,
Lamun Anjeun geus teu suka
Ku kuring rek dilesotkeun.

Alatan kuringna sare
Budak ceurik kokosodan,
Batan kuring nyeri hate
Meningan urang entosan.

Salam Kanyaah

1
Hiji dua tilu opat
Opat tilu dua hiji,
Abdi suka kanu to'at
To'at ka Alloh sahiji!
<Akank Raka>

2
Ka cai jadi saleuwi
ka darat jadi salebak
hayu ngabakti ka gusti
ku sholat jeung hade ahlak!
<Lintang Mnz>

3
Dina Péta jalan cagak
Dituturkeun leres baé,
Harta banda teu di candak
Nu di bantun amal saé.
<Arkidam>

4
Jeruk purut Daun waluh
Di beungkeut talina kawat,
Mun nurut Papatah Sepuh
Salamet dunya aherat.
<Arkidam>

5
Naon make meuli puring
Da teu mecing jeung Kacina,
Naon Hate make rungsing
Didieu mo salilana!
<Arkidam.

Kenging: Teh Sri Paudwal

Anteng ameng di gang kaum
Ngadon catur jeung tatangga
Assalam mualaikum
Haturan dulur SIGODA

Ka Jati luhur meser laken

Panginten karandapan
Haturnuhun tos diangkeun
Hapunten teu cacandakan

Turun di dudukuy laken
Nyandak gayung ti cikuda
Haturnuhun tos diangken
Ulubiung di SIGODA

Kamana ngaitkeun kincir
Kaditu ka majalaya
Kamana ngaitkeun pikir
Kaditu kanu teu aya

Permios ka sadayana
Abdi rek mios ka tonggoh
Sawios bade di dua
Abdi rek gaduh kabogoh.

kenging ti Allif Widjaya Shetiya Rhamdhanie:

1 Pepeling:

Singgetol nginum jajamu

Nu guna nguatkn urat
Sing getol nyiar elmu
Nu guna dunya akherat

ka kulah nyair kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok kiar tipeuting
Sok loba gogodana.

2 silih Asih:

lalayangan dinu iuh
Katempo buntutna bae
Bobogohan jeung nu jauh
Katempo imutna bae

3 sesebred:

Ngala laja reujeung koneng
Manggihna ti jero leuweung
Rarasaan jangkung koneng
Nu puguh bureuteu beuteung

Jumat, 04 Mei 2012

Salam Manis

Liburan Ka Jatiwangi
Tumpak Sado Poé Kemis,
Haturan Wilujeng Wengi
Salam Sono Salam Manis!

Di Tonggoh Jalan Barala
Astana Pelak Jelema,
Sono Bogoh Ti Baheula
Iraha Bakal Laksana!

Mawa Kacang, Kacang Panjang
Di Teukteuk Anggeur Namina
Akang mah hayang Nepangan
Miharep Caket Anjeuna!

Aya Kuda, Kuda Lumping
Di Payung Nokéran Lampit,
Aya Duda Nuju Ngibing
Di Panggung Nyawér Saringgit!

Di Bagi Kari Sapiring
Di Bantun Kalah Di Gentos,
Kumargi Parantos Jempling
Di Kantun Abdi Permios!

(Kang IsMaya. CitraPadalarangIndah)

Rabu, 02 Mei 2012

Pangakuan

Loba daun nu kapiceun
Ngalayah dina tampian,
Loba waktu nu kapiceun
Ngulayab teu kadalian.

Metik cabé ngali laja

Ngeureut iwung sakalian,
Ati téh ku marojéngja
Inget kampung pangbalikan.

Ku raos nu nuju ngakeul
Andiprek gigireun dulang,
Rumaos can gaduh bekel
Mun parek di gero mulang.

Sok sieun ari barala
Kalabang nyoco panangan,
Sok sieun di saha-saha
Pas mulang teu di tepangan.

Sasasih asa Sadinten
Di Lembur jiga nu nganjang,
Sugan masih di percanten
Umur abdi masih panjang!

<ties>

Nara lepat?

Malati sareng Dahlia
Kembangna sedeng laligar,
Padahal abdi satia
Naha engkang beut ngolembar.
<Sri Paudwal>

Rék cicing di suryalaya

Sasasih rék di Mertua,
Geuning engkang beut sulaya
Miasih jadi Micua!
<Sri Paudwal>

Pajar ulah di tawuan
Bilih kulah ilang hérang,
Pajar cenah kasibukan
Abdi sesah miang nganjang.
<goenadi>

Melahan Kai Kiara
Teras badé di beungkeutan,
Baheula mah keur sangsara
Mani apét ngadeukeutan.
<ki jante>

Abong ayeuna di bandung
Duh, hilap ka sukabumi,
Abong ayeuna geus nanjung
Duh, hilap ka anu nganti!
<ties>