Jumat, 27 Juli 2012

Sisindiran Amang Pen Padalarang


Aya  melon luhur jukut
keur dipoe ku mitoha
Adat awon teu dikukut
Adat sae can tiasa

Kalapa jeung siki nangka
Sarboah mawa carita
Kumaha kudu kumaha
Ngarobah eta Adatna
 
Mun sapatu di taliken
Ngan calana di sampaiken
Sakitu sok unggal dinten
Tapi naha teu di angken
 
Ulah waka nyeungeut lilin
Lamun acan di korekan
Ulah waka nyebat alim
Lamun acan ngaraosan 

Lamun kabeh niup lilin
ku abdi rek dirungkupan
Lamun keukeuh nyebat alim
ku abdi rek didukunan
 
Angeun udang jeung tututna
Masak teri jeng huluna
Nineng akang ku imutna
Mun seri nyenghel waosna

Ngajul gedang nu ditukang
Ngala belut make kenur
Anu begang sanes Amang
Anu gendut  sanes batur

Meser tutut Cbaduyut
Meser teri ti Cikadut
Lamun Hitut ngadurudut
Lamun seuri bari hitut


Amang Pen Padalarang

Kahoyong


:
Malati sareng ermawar
Katembong kabeulit eurih,
Mun abdi tiasa nawar
Kahoyong alim patebih.

Kembang ros di sisi leuwi
Diteang geuning muguran,
Sanaos henteu ngahiji
Urang tingtrim duduluran.

Kapinis ngumpul di leuweung
Digebah pating geleber,
Imut manis matak lungleng
Kana sirah matak lieur.

Bebence sareng titimplik
Nyumput dina saliara,
Mun simpe abdi sok ceurik
Ngalamun emut salira.

Beas bodas ketan hideung
Na boboko campur cikur,
Hanas abdi mikatineung
Kabogoh direbut batur.

Kembang gadung kembang eros
kembang kadu jeung tarate,
akang embung nyeri waos
komo kudu nyeri hate.

Jarami di jieun sayang
Manuk ekekna kaluar,
Jalmimah ukur kahayang
Ngan kudu daek ihtiar.

jtwg

Selasa, 24 Juli 2012

PANGELING NGELING



Rek ngadon metik belewah
Wadahna Pipiti berkat
Ramadhon pinuh barokah
Yu eusi kunu manfaat

Lauk sepat nu dibungkus
Lauk jambal dina wadah
Shalat getol jeung tadarus
Loba amal jeung ibadah

Kadegede Jalaksana
Bandorasa Sukadana
Hade hate jeung sasama
Jaga rasa papadana

Milari manuk tikukur
Meunangna manuk titiran
Bilih aya nu teu akur
Geuraan silih andutan

Cihujan turun nyakclakan
Maseuhan sapakarangan
Sanes maksad mapatahan
Sakadar silih elingan

Minggu, 22 Juli 2012

Budaya Sunda

:
Mibanda reujeung bandana
Basa beurang wasiatna
Urang sunda kudu nyunda
Urang rawat budayana.
 (Sri Paudwal)

Aya bogo aya lele

katarana coplok sihung
Hayu urang ngamumule
Budaya Sunda nu luhung
(Iis Nur Aisyah)

Kabaya dua pamere
dipake dua-duana
Mumule Budaya sunda
Mun teu urang rek kusaha
(Amang Pen)

Jampe nyeupah kudu nyesa
Kaciri arang ditunda
Hade lampah alus basa
Ciri bukti urang sunda

Upami urang taliti
Geuning sunda sugih mukti
Sagala rupi ngabukti
Kanggo nambihan pangarti

Sunda nu subur ku elmu
Sunda nu subur ku basa
Sunda nu sugih ku seni
Nu nyandang parahiyangan
(Tien Lukman)

Saninten buah saninten
Surabi diparapatan
Hapunteun abdi hapunteun
Bilih aya kaleupatan...
(Kang Wawan Garut)

Sisindiran ti Teh Wiwin Nugraha Hr

Budak leutik nyiar hiris
Halah Ulin kanu bala
Anu cantik jaba geulis...
Apan an abdi Wiwin tea.

Masak tempe jeung sayur sop
Gening sarua ngeunahna,
Henteu Hp henteu laptop
Aduh sarua lemotna.

Masak tutut jeung sop buntut...
Dina mangkok rek disimpen...
HP butut laptop butut....
Tukang rongsok ge alimeun

Nunda laja dina meja...
Markisa di luhur kardus...
Ceuk beja cenah ceuk beja...
Puasa bulan Agustus

Ngala haur ngala sereh..
Ngala enteh belah kaler..
Baturmah indit taraweh..
Teteh mah kalah ka dokter...

Sisindirana Teh Wiwin Nugraha Hr

Daun waru daun sereh
Meni ngampar di kebona,
Taun ajar baru tereh
Meni jangar ti ayeuna.

Sangu beas meunang nutu
Diwadahan kana dulang,
Buku baju jeung sapatu
Ditambahan daftar ulang.

Aya dua tangkal waru...
Tangkalna deukeut astana...
Orang tua reujeung guru...
Kahayangna pasti beda.

Sapatu rek diajaran
Ku budak di deukeut panto,
Pas waktuna rek bayaran
Osok ngadak ngadak poho.

Tikukur jeung manuk manyar
Kadupak ku manuk heulang,
Lain ukur rieut jangar
Ngadadak jadi muriang

Ti Cililin mawa kapas
Mawa waluh mimitina,
Bade nyalin bade copas
Asal puguh royaltina.



Sisindiran Teh Wiwin Nugraha Hr


Ti Cikotok ka Ciranjang
Tikukur dina kareta,

Nu montok jeung anu begang

Di ukur moal sarua.


Masak emih make samara....

Kurang gurih asa pait....

Mamih bobo henteu tibra..

Ngimpi ditagih Kiridit


Saliara di nu bala...

Lebah sisi deukeut jalan...

Gara gara sepak bola...

Olok kopi jeung cemilan


Nunda pare na dingkulan

Nunda kadu na pipiti,

Teu pere siap cemilan

Jaba kudu gunta ganti.


Naek kuda ider ideran

Ngurilingan sisi leuwi,

Daripada di pikiran

Mending oge nganjuk deui


Aya koboy make kutek

(koboy gumeulis)

Meni sieup ku warna pink,

Gubay geboy gutak gitek

Aya sireum nyoco pingping




2.Pupuh Kinanti

Tempat kaulinan


Dibasisir laut kidul
Ombak neumbagan kikisik
Ngaleong mawa kawaas
Pagulung-gulung kasisi
Kalapa pating garupay
Srangenge surup geus burit

Pangandaran batu hiu
Dijogjamah parangtritis
Kabeh tempat kaulinan
Leleson tina karisi
Cape hate jeung pikiran
Tanaga pon kitu deui

Pareng srangenge dek surup
Mapageun datangna peuting
Dijajap layung balibar
Bulan tembong wangun isin
Sato peuting patembalan
Sempal guyon suka seuri

###


1) PUPUH SINOM

:
1) PUPUH SINOM

BALEBAT:


Balebat mepende caang

Tanda wanci manjing burit
Layung beureum ngagupayan
Tangara datangna peuting
Sujud pasrah ka gusti
Najan hate perang campuh
Ulah aral subaha
Pan hirup teh geus pinasti
Didunya teh urang ngan ukur ngumbara

----- ----
Karya
Nur Fithry
Guru di SMKN 7 GARUT(SMKN 1 MALANGBONG)
Dulu sekolah di IAIN SUNAN GUNUNG DJATI BANDUNG jurusan Pend. Matematika
Tinggal di Garut 1, Jawa Barat, IndonesiaDari Garut 1, Jawa Barat, Indonesia

Sabtu, 21 Juli 2012

Sisindiran Teh Sri Paudwal

Moro tajug luhur lamping
Di jugjug liwat Gang kaum
Sora bedug tos kakuping
Hayu urang niat saum

Panggih sataun sakali
Teu kiat rasana ati
Sasih saum sasih suci
Omat ulah hiri dengki

Jarami di jieun tali
Dicandak ka palih wetan
Siang saum wengi ngaji
Sangkan teu kagoda setan

Ka Pagarsih meser kaos
Teu hilap sareng karembong
Sasih saum mening ngaos
Batan urang seueur bohong.

Lami ngantos di Gang kaum
Mawa pare sareng buah
Lamun bade ahir saum
Kade hilap Zakat Fitrah

Jumat, 20 Juli 2012

Sisindiran dulur-dulur GODA

Naek padati ka cipaganti.
Naek roda ka jalan braga.
Duh gusti abdi tumampi.
Rumasa ku seueur dosa.
Eva Deva


Daganan di jejer jejer
Barala jalan ka Desa
Lamun hirup hoyong bener
Kirangan ngadamel dosa
Tien Lukman



Rek ngusep mawa jejer
Sugan aya lauk lele
Niat hirup hayang bener
Rumasa can bisa wae.........
Amang Pen



Aya sumur dina batu
Saeran dina kiteja
Ari umur henteu tangtu
Pangeran tara bebeja
Bambang Surya Kencana

Bogoh nganti jeung balaka
Sesah ngabentenkeunana
Jodo pati jeung cilaka
Eta rusiah mantena

Akank Raka

Sisindiran ti Mamah Fidhel Chantix;

Sisindiran ti Mamah Fidhel Chantix;

Binih sukun sarikaya
Dipelak ditanah huma.
Bilih Nyai henteu aya.
Omat Akang sing satia
_
Rek masak babat jeung bayah
Ditambih sate maranggi
Cenah Akang rek satia
Naha geuning jalir jangji.
_
Ka Cimanggang Cimaranten
Istirahat ngareureuhkeun
Paanggang ati sok kangen
Sing tiasa mapalerkeun.
_
Ngala cai ka Parigi
Tos cape isukan deui.
Mun Akang sulaya jangji
Wios ulah tepang deui_
_
Peupeundeuyan-peupeundeuyan
Marurag disisi leuwi.
Pileuleuyan pileuleuyan
Ayeuna urang patebih

Sisindiran Dulur-dulu Goda:

Laju ngajugjug Gang Kaum
bade milari Pa Lebe
Hayu urang mapag saum
ku jalan mersihkeun hate

Mun atos milari Lebe
Hayu urang ka Cikajang
Lamun tos mersihkeun hate
Nya hayu urang sambayang
(Sri Paudwal)

Cimareme ka Cimahi ,
Jalana liwat Cibabat,
Lamun hate atos suci,
Nya Hayu urang tarobat.......
(Eva Deva)

Meuli oyong ti sambuga
di galeuh sareng saladah
Mun hoyong jalan ka surga
Tong hilap amal ibadah
(Obey Pribadi)

Ci enteh Cai kalapa
Aspal napel na calana
hirup teh ukur ngumbara
Teu apal iraha balik

Pa Latif meuli calana
Kalakah menang kabaya
Diri laip tuna daya
Ngan muntang kanu kawasa
(Amang Pen)

Sisindiran Teh Sri Paudwal :

Moro tajug luhur lamping
Margahayu di Gang kaum
Sora bedug tos kakuping
Hayu urang niat saum

Panggih sataun sakali
Nyandak tomat kanu pengki
Sasih saum sasih suci
Omat ulah hiri dengki

Jarami di jieun tali
pikeun nalian ayakan
Sasih saum urang ngaji
Sangkan teu kagoda setan

Bojong soang Marga cinta
Bade nganjang ka Banjaran
Lamun engkang mikacinta
Tong bimbang nampi ujian

Bikini na lomari
Ditileupan jeung rompina
Pasini nu kamari
Dipiharep janjina

Hanas cai digulaan
Awi koneng awi haur
Hanas nyai ngabelaan
Sihoreng teh anu batur

Ngala kuya kana batok
Naek sedan ka cibinong
Karunya itu nu montok
Kaedanan kunu jenong

Hayang teuing angeun genjer
Angeun genjer di jengkolan
Hayang teuing kanu lenger
Nu lenger rek ditakolan

Bojong soang Margacinta
Jalana mah keur di aspal
Mun teu kasorang kacinta
Tangtu bakal diakalan

Surabi ti Margacinta
Dicandak sareng rambutan
Abdi teh nu mikacinta
Naha akang teu ngemutan

Kaliki ti ciganitri
Dibikini ku jarami
Lalaki anu teu surti
Pasinina moal lami


**** *****



Kenging, Mamah Fidhel Chantix:

Ngala parena ku Arit
Nepi ka waktuna burit,
Asa aya anu leungit
Na hate asa nyungkelit.

Peurah naon peurah naon

Mun keulat sok karacunan,
Pedah naon pedah naon
Anjeun beuki ngajauhan.

Dina pare loba serah
Sok atuh geura pisahkeun,
Lamun enya Abdi salah
Cik atuh geura terangkeun.

Ka landeuh neangan tamba
Kumis kucing keur leobeun,
Lamun Anjeun geus teu suka
Ku kuring rek dilesotkeun.

Alatan kuringna sare
Budak ceurik kokosodan,
Batan kuring nyeri hate
Meningan urang entosan.

Sisindiran Teh Iis Nur Aisyah


Singaparna Rajapolah
terusna ka sukadana
Manggul beas teu masalah

Nu penting aya borahna

Panonpoena geus surup
Dicoeran dialungkeun
Cirina jelema hirup
Hutangna rada nuturkeun

Dibajuan ditiungan
Rek ngajait meuli bahan
lamun urang silih tulungan
Baraya jadi nambahan

Aya geulang aya giwang
Sagalana mah patotos
Akang teu kedah hariwang
Asal sing jentre wawartos

Bayawak jeung kura-kura
Ka Jawa ka Kertosono
Nu ngadangu pura-pura
Kumargi da masih sono

Gotong royong sabilulungan
Geus bener da di hadean
Gotong royong silih. Tulungan
Silih simbeh ku kahadean

Aya eusi aya cangkang
Teh Wiwin kalih Teh lilis
Isin dipuji si akang
Abdina janten gumeulis


Dicarokot dikeupeulan
Mimiti diajar mahat
Nu parantos ngajempolan
Mugia pada sarehat.


***** ******

Kamis, 19 Juli 2012

Sisindiran ti Dulur-dulur GODA

manggul ranjang kanu bala
ngelek papam ditalian
Sampurasun dulur sadaya
Hayu urang sisindiran
(Sri Paudwal)

Ngabantun meri disada
Kala jengking ubar mengi
Sampurasun wargi Goda
Haturan Wilujeng wengi,,,,
(Catur Pamungkas)

Catur kudana pawana
Janten kuncena pandawa
Haturnuhun sadayana
Diangkeun janten baraya
(AnoAnu Jangkung)

Malati jadi di gunung
Kembang beureum na pagoda
Kapiati kapigandrung
Ku heureuy baraya GODA
(Tien Lukman)

Jatukrami nu sapasang.
Katingal pisan gumbira.
Tos lami henteu patepang.
Sareng wargi di SIGODA
(Mamah Fidhel Chantix)

Ciwangi jalan ka lapang....
Naek kuda ting Rariung....
Wilujeng.wengi jeung.tepang....
Di GODA urang ngariung....
(Mamah
Tien Lukman)
 
Malati jadi gunung
Kembang beureum na pagoda
Kapiati kapigandrung
Ku heureuy baraya GODA

(Agra Mamah)

Sisindiran Teh Tien Lukman

Bulan ngempur mapag saur
Suminar angin di pasir
Ari ras badan sakujur
Di simpay kadar jeung takdir

Ka mana jalan ka Bandung
Ka kencakeun ti Cileunyi
Ka saha abdi nyalindung
Sangsang badan titip diri

Meser gelas ti ceu Asih
Kalapa janten cipati
Ka Gusti nu welas asih
Atuh eta mah tos pasti

Meser oyong di Sabuga
Eta kalah nyandak nangka
Mun hoyong jalan ka surga
Kahade entong doraka

Ka balong rek ngala nener
Ka sisi kotakannana
Matak hirup kedah bener
Bisi kaduhung engkena