Aki mah sedep paria
tapi henteu kana engkol,
Aki mah bakal satia
tapi ulah loba ékol!
<ki jante>
Tangkal blewah tangkal jéngkol
Kaliki lebah sisina,
Na palebah ukal-ékol
siAki émang ahlina!
<Wiwin Nugraha Hr>
Melak entéh Sukabumi
Anu dipeutik pucukna,
Satia sotéh di bumi
Di luar tebar pesona!
<Alice Sugiharti>
Goréng pisang bala-bala
Rarawuan sareng comro,
Kamana ari nu béla
geus lawas henteu katempo!
<ki jante>
Meuli waluh ngan sarébu
Meuli sukro ngan sapérak,
Hayu atuh urang serbu
Urang soro ngarah béak!
<Wiwin Nugraha Hr>
Meuli sukro ngan sapérak
Aya sésa geura bikeun,
Urang soro cena béak
Geus béak urang tinggalkeun!
<Alice Sugiharti>
Tidak ada komentar:
Posting Komentar