Kamis, 19 April 2012

peupeuriheun

Na eurih aya Cangéhgar
Ékék matuh dina kandang,
Peupeuriheun heunteu benghar
Haté atuh kudu senang


Lamun amengan ka sawah
Resep derep jeung tandurna,
Mun Pangagung Mikanyaah
Kedah kerep ngahiburna!


Aspirin landong kasakit
Énggal simpen kana baki,
Mi maparin kanu Alit
Bakal mayengkeun rejeki!


Katembong poé salasa
Di Cimahi papanasan,
Ulah abong keur kawasa
Mani teu aya ras-rasan!

Lisung mah jaman baheula
Heleran jaman kiwari,
Kaduhung tara ti heula
Matak kudu ati-ati!



Mun ulin ka Sukamanah
Ngawiat salam Pangbakti,
Mun sadaya Abdi Amanah
Rahayatna bakal Mukti!


'citra'





Tidak ada komentar:

Posting Komentar