Sabtu, 05 Mei 2012

Catetan Lawas

'helang'

na
tangkal nu ngarangrangan

teu
anteng
na hiji regang

gelikna
ngerewes simpe

buringas
meuleum bayeungyang.


=== ===


'halteu'

abdi;
salah sawios
halteu nu suwung

kabakutet
paneuteup angkeub
ngelekeub.

simpe;
nyangsaya
di jero roangan

nineung
sapanjang
bangku-bangku pulas hideung
ngalaeu.

tigin;
jeung tuk-teuk jarum
jam dingding
naplok na tembok, ngulet

nganti
kolenyay sinyal bagja
yen salira baris ngahiap ieu harepan.

=== ====


'Sa-arit bulan'

'ngorehan deui
sa-arit bulan di langit tineung

ukur diri
rambisak na belegbeug mega

awor jeung ceudeum
di gintir heokna angin, kingkin

di pangpengkeun
kaburuan bala gandrung, liwung.

===== =====


'hiji sonten'

: R

purnama
kapindingan mega bodas

angin lilir
rema leah ngudar beulitana

duh,
asih urang diayun dangding Enung

endah
lir purnama

neuleuman
genyasna Situ rumpaka

jtwg'89.


== * ==


'Cangcaya'

: keur anjeun

' mun kongang itu purnama
 sina nampeu

 kana raray hate anjeun
 nu meredong jungkrang tepi cekas
 katingal dasarna

 didinya
 naha enya aya amparan batu nemprak
 anu ngeplak
 jeung nyatet pageuh ngaran kuring?

 cenah endah
 meunang natah ku asih
 jeung cipruk ibun kaheman pating karetip

 na tiap usik jeung renghap anjeun
 henteu reureuh
 migandrung katresna kuring!

( nu ieu mah
 ti
 Sanggar Remaja 1978,Bandung Selatan
 catetan Kang Ismaya)

 Karya: Kang Ismaya dan Ki Jante Arkidam
===  * ====

Tidak ada komentar:

Posting Komentar