Kasur jangkung bantal panjang,
Nya bogo di ka caikeun,
Anu jangkung kuring melang,
Nya bogoh urang jadikeun.
Daun nona daun saga,
Katuruban ku jarami,
Teu ayeuna sugan jaga,
Kasorang ku diri kami.
Kukulu di buah manggu,
Pisitan buah ramanten,
Kuru lain ku teu nyatu,
Mikiran nu hideung santen.
Suwangkung ulah dihumbut,
Pikeun tihang papajangan,
Nu jangkung ulah sok imut,
Bisi kuring kaedanan.
Cukangkang diguling munding,
Kincir ngait kana wijen,
Duh akang kumaha kuring,
Pikir ngait ka nu sejen.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar