Senin, 30 April 2012

Rungsing

Rungsing Ati

<Mama'e Fidhel Chantix>


Cai pinuh ti sungapan

Kulahna tepi ka ngéplok,
Abdi mah pinuh harepan
Suga Asih bisa amprok!

Apanan ieu téh seureuh

Kunaon di sebut honjé,
Apanan abdi téh deudeuh
Kunaon beut haré-haré!

Lamun arék di talikeun
Kadé pegat nya talina,
Lamun arék nya ninggalkeun
Leuwih hadé ti ayeuna!

Di sidik di ulak-ilik
Hérang kawat tali eunteung,
Di pikir di bulak-balik
Kalah matak jadi puyeng!

Kamari geus ti banjaran
Nempo huma jeung sawahna,
Abdi jadi panasaran
Kuhayang Nempo nyaahna!

Minggu, 29 April 2012

He, he, ah!

Aki mah sedep paria
tapi henteu kana engkol,
Aki mah bakal satia
tapi ulah loba ékol!
<ki jante>

Tangkal blewah tangkal jéngkol

Kaliki lebah sisina,
Na palebah ukal-ékol
siAki émang ahlina!
<Wiwin Nugraha Hr>

Melak entéh Sukabumi
Anu dipeutik pucukna,
Satia sotéh di bumi
Di luar tebar pesona!
<Alice Sugiharti>

Goréng pisang bala-bala
Rarawuan sareng comro,
Kamana ari nu béla
geus lawas henteu katempo!
<ki jante>

Meuli waluh ngan sarébu
Meuli sukro ngan sapérak,
Hayu atuh urang serbu
Urang soro ngarah béak!
<Wiwin Nugraha Hr>

Meuli sukro ngan sapérak
Aya sésa geura bikeun,
Urang soro cena béak
Geus béak urang tinggalkeun!
<Alice Sugiharti>

Kaheman

Sadinten di Rajapolah
Saparantos ti Cimanggung,
Mun Anjeun leubeut kanyaah
Tangtos seueur nu ngadukung!

Kuhoyong ngawédang bandrék

Tales jeung hui gandola,
Kuhoyong tepang sadérék
Anu leres bakal béla!

Ibun na jukut tetelar
Walungan ngéplok caina,
Muhun da kitu ilahar
Geus nanjung poho jangjina!

Sapédahna gaduh dua
Nu goté di galeuh batur,
Henteu kedah ngarasula
Nu saé seueur bersukur!

Sanés hoé gaduh dua
Ngan ieu bahan rauteun,
Sanés haté ngarasula
Ngan ieu bahan émuteun!

Leres geuning kembang eros
Sanés malati campaka,
Leres geuning némbé ngartos
Ditampi ku ieu cinta!

'citra'

Dina reret

Dina rérét

Banjarsari pamidangan

Dinten sonten Sindangrérét,
Kunyari mani teunangan
Nu hideung santen na rérét!
<arkidam>

Guludug disebut guntur

Rancucut hujana sonten,
Dag dig dug haté tagiwur
Kapincut ku hideung santen!
<Anwar Sunanda>

Asin cucut nu ti bandung
Dina dangdang di pindangna,
Ka imutna abdi gandrung
Néangna kudu kamana?
<Alice Sugiharti>

Mujaér dina hidangan
Raos nyayurna jeung santen,
Géér asa kasindiran
Da abdi nu hideung santen!
<Mamah Noval>

Ieu kaca janten beulah
Disaung di damel eunteung,
Ieu cinta mani éndah
Najan teu sapayung reujeung!

'citra'

Geter

Nyandak cabé ti Cikelét
Wadahna karanjang anyar,
Naha haté beut kapélét
Ku Mojang nu pindah anyar!

Salempay dina kiara

Di coér barudak récét,
Ningal gupayna Salira
Kana haté ting sérédét!

Laukna mani karumpay
Di wahangan ting kocépat,
Buukna mani ngarumbay
Di sawang matak tibelat!

Nu tangtos rék ka Cikandé
Bakal nyusul jam dalapan,
Nu tangtos dulang tinandé
Rumaos banda harepan!

Sadangserang Sukajadi
Cimahi Ka Cinta Asih,
Mun urang janten ngahiji
Widi ti Nu Maha Asih!

'citra'

Kamis, 19 April 2012

Kanyaah

Gedebage Leuwi panjang
Mawa bola ka Cipadung,
Mun gede sing jadi talang
Geura belaan nya Indung!


Lembang jeung Jayagirina
Situ Buleud Purwakarta,
Kagembang kanu seurina
Ka Baeudna oge Cinta!


Gang Luna Siti Mariah
Keur leutik sok huhujanan,
Nyanggakeun ieu kanyaah
Tong nampik mun di paranan!


Citatah ka Situ Lembang
Caringin mani ngabadeg,
Talatah keur nu ngagémbang
Ngan Angin kalah gigideug!


Ti banten rék ka batawi
Nyandak hayam jeung babaya,
Sing percanten kana jangji
Subaya moal Sulaya?


 Ti Sénén tepung ka Sénén
Barangbang masih di poé,
Hengén ulah ngaharénén
Urang ngabangbrangkeun haté!


'citra'

tong belik

Paingan teu aya paré
Da sawahna di ruangan,
Paingan teu bisa saré
Da teu aya katuangan!

Japuh di simpen di para
Ucing bungah neuteup milik,
Ripuh ning hirup Sangsara
Nangin ulah janten Belik!

Najan hujan terus ménbal
Tegal bécék usum ngijih,
Sanajan sagala mahal
Baé asal naék gajih!

Cangéhgar jalan Titiran
Nundutan di Sukahaji,
Mun benghar dina pikiran
Ngémutan Ibadah Haji!

Gang Luna Siti Mariah
Keur leutik sok huhujanan,
Nyanggakeun ieu kanyaah
Tong nampik mun di paranan!

Ti Kopo ka Cibolérang
Ka Kulon mendak Tanjakan,
Lamun sono urang Téang
Sempal guyon gogonjakan!

Cisaraten ge di aprak
Abdi sareng babaturan,
Hapunten pami ngacaprak
Ieu ukur sisindiran!

'citra'








abong

Lisung mah jaman baheula
Heleran jaman kiwari,
Kaduhung tara ti heula
Matak kudu ati-ati!


Ti padang geus mekel kupat
Naha maké di puragkeun,
Apan terang éta lepat
Naha maké di teraskeun!


Aspirin landong kasakit
Énggal simpen kana baki,
Mi maparin kanu Alit
Bakal mayengkeun rejeki!


Katembong poé salasa
Di Cimahi papanasan,
Ulah abong keur kawasa
Mani teu aya ras-rasan!


Aya pisin jeung pipiti
Eusina kabéh tarasi,
Lamun mah isin ku Gusti
Pasti alim da korupsi!


Sawios na para baé
Batan dina palangdada,
Sawios sangsara baé
Batan jadi teu jamuga!


Mun inget bakal ka lembur
Tangtos moal rék meutingan,
Mun inget bakal di kubur
Tangtos moal neungteuingan!


'citra'



Paneja

Hayamna keur di peureuhan
Siihna arék di balur,
Urangmah ulah geureuhan
Bilih di geuhgeuykeun batur!

Cucurut losna ka leuweung
Manuk manyar ngundeur hiris
Nu urut tong di pitineung
Nu anyar seueur nu manis!

Na eurih aya Cangéhgar
Ékék matuh dina kandang,
Peupeuriheun heunteu benghar
Haté atuh kudu senang

Kamari ka Purwakarta
Ngan geuning kalah ka Nagrek,
Milari nu di picinta
Ngan geuning teu acan pendak.

Ngahoding rék maké tasma
Bedahan reujeung pantopel,
Mun hariring pataréma
Guligah rasa paantel!

Cigondéwah asal sawah
Wangunan pating Arimut,
Kanyaah ieu ngalayah
Keur Jungjunan Kapiémut!

'citra'

Saur Anjeun

Abdi mah kajeun ka Indung
Tibatan kudu ka Bapa,
Abdi mah kajeun rék pundung
Tibatan kudu di dua!


Ti Cikalong ka Panglejar
Kiara di sisi leuwi,
Kamelang jadi ngolembar
Na Salira gaduh deui?


Panyileukan ka Gang Lapang
Basa girimis kamari,
Di Lieu teu daék datang
Naha pasini beut lali!


Kajeun abdi nyekel lisung
Batan kudu daék nutu,
Kajeun abdi arék nyandung
Batan daék nyeri huntu!


Ti Kembar badé ka Déngki
Reureuh di Gang Haji Kurdi,
Pabencar rasana ati
Beubeureuh beut gaduh deui!


Bajigur lawuhna tales
Papais jeung seupan hui,
Tong ibur nyebatkeun tilas
Bilih ké uwihan deui!


'cltra'

Talatah

Mendak Gelang jeung Lélépén
Di simpen na kaso-kaso
Patepang kacandak ngimpén
Janten mantengkeun kasono!


Manggu teu aya cupatan
Di euntreupan ku waliwis,
Malem minggu kaleleban
Neuteup poto anu geulis!


Kamari ka Purwakarta
Ngan geuning kalah ka Nagrek,
Milari nu di picinta
Ngan geuning teu acan pendak.


Tikukur nyelap na awi
Kunu derep di piara,
Paur hilap ka sim abdi
Anu miharep Salira!


Numpak béca ka sukahaji
Rék ngantos di pasar burung,
Mun cinta atos ngahiji

Tangtosna ka bale nyungcung!


Goréng pisang bala-bala
Keur haneut raos nedana,
Melang hariwang nu béla
Keur layeut duka kamana?


Balébat aduh balébat
Ieu eurih ting arulang,
Ngolébat aduh Ngabéngbat
Ieu abdi hoyong tepang!


'citra'

wios ah

Kajeun abdi nyekel lisung
Batan kudu daék nutu,
Kajeun abdi arék nyandung
Batan daék nyeri huntu!


Colénak pesen na pisin
Dina pincuk ogé hadé,
Ménak neuteup mani isin
Isin ku acukna saé!


Hayamna keur di peureuhan
Siihna arék di balur,
Urangmah ulah geureuhan
Bilih di geuhgeuykeun batur!


Jatayu jalan Arjuna
Ngaleueut di jalan Kresna,
Hayu urang sadayana
Beungkeut ku simpay katresna!


Kong Liong caket Jamika
Kaburitan di Leuwi Anyar,
Kahoyong caket Salira
Ngawitan carita anyar!


Ngahoding rék maké tasma
Bedahan reujeung pantopel,
Mun hariring pataréma
Guligah rasa paantel!


'citra'

peupeuriheun

Na eurih aya Cangéhgar
Ékék matuh dina kandang,
Peupeuriheun heunteu benghar
Haté atuh kudu senang


Lamun amengan ka sawah
Resep derep jeung tandurna,
Mun Pangagung Mikanyaah
Kedah kerep ngahiburna!


Aspirin landong kasakit
Énggal simpen kana baki,
Mi maparin kanu Alit
Bakal mayengkeun rejeki!


Katembong poé salasa
Di Cimahi papanasan,
Ulah abong keur kawasa
Mani teu aya ras-rasan!

Lisung mah jaman baheula
Heleran jaman kiwari,
Kaduhung tara ti heula
Matak kudu ati-ati!



Mun ulin ka Sukamanah
Ngawiat salam Pangbakti,
Mun sadaya Abdi Amanah
Rahayatna bakal Mukti!


'citra'





hapunten

Cisaraten ge di aprak
Abdi sareng babaturan,
Hapunten pami ngacaprak
Ieu ukur sisindiran!


Japuh di simpen di para
Ucing bungah neuteup milik,
Ripuh ning hirup Sangsara
Nangin ulah janten Belik!


Paingan teu aya paré
Da sawahna di ruangan,
Paingan teu bisa saré
Da teu aya katuangan!


Najan hujan terus ménbal
Tegal bécék usum ngijih,
Sanajan sagala mahal
Baé asal naék gajih!


Moro peusing tepi burit
Karenang di rubung laleur,
Pusing ku mikiran duit
Na panangan mani leueur!


Sanés tunggul awi gombong
Galian pikeun Kuburan,
Sanés Agul komo Sombong
Sisindiran keur Hiburan!


'citra'



harepan

Ti Cibadak Gedebage
Ngaheurap di Cikapundung,
Barudak geura garedé
Geura sakola ka Bandung!


Gedebage Leuwi panjang
Mawa bola ka Cipadung,
Mun gede sing jadi talang
Geura belaan nya Indung!


Rememg Soré di Karasak
Dina pisin hulu peda,
Paingan Haté Balangsak
Da Asih miskin Kacinta!


Jatayu jalan Arjuna
Ngaleueut di jalan Kresna,
Hayu urang sadayana
Beungkeut ku simpay katresna!


Tong hayang ka gunung Fuji
Ning nyepi di gunung agung,
Tong hayang urang kapuji
Puji kagungan nu Agung!


'citra'

gandrung

Balébat aduh balébat
Ieu eurih ting arulang,
Ngolébat aduh Ngabéngbat
Ieu abdi hoyong tepang!


Tikukur nyelap na awi
Kunu derep di piara,
Paur hilap ka sim abdi
Anu miharep Salira!


Lembang jeung Jayagirina
Situ Buleud Purwakarta,
Kagembang kanu seurina
Ka Baeudna oge Cinta!


Ti Cikalong ka Panglejar
Kiara di sisi leuwi,
Kamelang jadi ngolembar
Na Salira gaduh deui?

Cimanggung gunung Manglayang
Susu sapi di bulengan,
Bingung nguyung kumalayang
Rasa nu ka bungbulengan!


'citra'


kumaha

Katapang baseh ku reumis
Karambatan tangkal waluh,
Patepang sareng nu Manis
Hanjakal aya nu gaduh...

Beuleum peuteuy pencok hiris

Dina buleng di talian,
Peureum kadeuleu nu manis
Matak lung leng pipikiran...

Bongan Jauh heunteu Deukeut
Pere masih di rorompok,
Bongan Wawuh heuteu Layeut
Hare-hare mun pa Amprok.

Jandela beulah kaca na
hese masangkeun gantina,
Nu bela nyata cintana
hese rek neang gantina.

Salampakna kulit munding
Tamba teuing suku panas,
Lamun nyandak anu ginding
Nya Ulah teuing mapanas.

Tangkal Saga sisi Imah
Ngarambat tepi jandela,
Lamun jaga mendak bungah
moal lali ka nu bela!


'citra'

emut

Mun ulin ka Sukamanah
Ngawiat salam Pangbakti,
Mun sadaya Abdi Amanah
Rahayatna bakal Mukti!


Jeruk purut Daun waluh
Di beungkeut talina kawat,
Mun nurut Papatah Sepuh
Salamet dunya aherat.

Teu bisa Ka palimana

Macét lebah Pesalaran,
Can bisa disebat Iman
Mun tatangga kalaparan.

Manuk haur jeung cangehgar
Aleuntreup na dahan jati,
Hirup mah kedah ihtiar
Miharep kadeudeuh Gusti !

Kadipaten Gunung Jati
Kang Haji nganggo Sorban na,
Papasten ti Hyang Widi
Rang tampi ku kasobaran.

Ti subang ka jayagiri
Ngirim dukuh jeung petina,
Mun urang apal ka diri
Pasti wawuh ka Gusti na.


'citra'

asih

Majalaya Suryalaya
Bade teras ka Lur Agung,
Urang teu daya upaya
Sadaya kersa nu Agung!


Dipaut sematna pindang
Dibuka kertasna belang
Didieu ngan ukur sindang
Nya kade hilap ka mulang.

Dibuka kertasna belang

Diambung bau bedana
Mun hilapnya kana mulang
Kaduhung engke jagana.

Eta pindang mani raos
Matak ponyo kana tuang
Tempat Sindang mani raos
Matak poho kana mulang.

Kanu ponyo kana tuang
Ulah tambih kana bubur,
Ulah poho kana mulang
Bilih ceurik jero kubur.


'citra'

tresna

Kumaha bisa ka punclut
Malibir di udag bagong,
Kumaha bisa rék mincut
Upami diri tetep bengong!


Hayang supa jeung sarundéng
Tambih udang jeung kelewih,
Na bisa bakal ngaréndéng
Pami urangna patebih!

Girimis Janari leutik
Parem lampu keur di Dago,
Nu Manis teu kapimilik
Merenan lain Jodona.

Boboko roges Sokona

Kalakah terus di kihkir,
Kabogoh sanes Jodona
Ulah terus Jadi Pikir.

Lamun rek ka Jalan Kresna
Liwat Jalan Baladewa,
Lamun eunya Mikatresna
Wiat ulah Mikangewa.

Hujan keur di Sukajadi
Pas raat di Cimbuleuit,
Sanajan henteu ngajadi
Duriat mah tetep Meulit.


'citra'

malati

malati kembang malati
kaiuhan ku kiara,
nu lami ngancik na ati
anu puguh mung salira

malati kembang malati

kabelitan akar eurih,
nu lami ngancik na ati
pamugi tong nganyeunyeuri

malati kembang campaka
sisi kawung jeung kiara,
ieu ati rek balaka
migandrung mung ka salira.

malati kembang malati
sisi lampingna galunggung,
nu lami ngancik na ati
tong sering nyieun kabingung.

kacang katinggang kelewih
cabe dipacok cukakeh,
sanajan urang patebih
hate urang silih sangkeh.

malati kembang malati
endah najan rupa pita,
nu lami ngancik na ati
endah ngaropea cinta.

rungkun saga sisi gunung
dipeutik kunu ngalangkung,
mun jaga urang patepung
yu urang ka bale nyungcung.


'citra'

kamelang

photo nu poe kamari
rek geura gancang dipajang
kasono nu dina ati
geuning manjangkeun hariwang.

Pigura ieu ngagantung

photona duka kamana
Mani geura hayang tepung
kasono kieu rasa na.

Gulali tangtu manisna
Teu sami jeung batrawali,
Naha lali pasini na
kiwari nebihan Abdi.

Jalan nu rék ka soreang
Caah ninggalkeun cileuncang,
Sanajan enggeus paagang
Kanyaah ulah rek ilang.

Salasa pendak Salasa
Ti Dago ka Sukajdi
Tong asa kahalang rasa
Sugan Jodo pakokolot.


'citra'

mugia

Jumpluk lembur mani nyingkur
Jalanna oge taringgul,
Seueur Saur euweuh bukur
Basa saena ngawadul.

Rancatan euweuh salangna

Kumaha bisa rek nanggung,
Panutan euweuh melangna
Kamana kudu nyalindung.

Loba pisan anak meri
Di pipir mani rarecet,
Tega pisan nganyenyeri
Pikir abdi mani rajet.

Walang keke Walang ireng
Sisi kulah dina catang,
Lamun engke urang sareng
Nya ulah loba kahayang.

Palang dada sisi sumur
Parigi pinuh ku huut,
Lamun jaga tepi umur
Mugia tinemu imut.

Asal kapas jadi benang
Nu saena ti banjaran,
Asal Ihlas tangtu senang
Nu sae tong Panasbaran,


'citra'

sono

Ti Kopo ka Cibolérang
Ka Kulon mendak Tanjakan,
Lamun sono urang Téang
Sempal guyon gogonjakan!

Ti Cilamé ka Cimérang
Kertajaya Pamidangan,
Teu anéh tuda Kahayang
Teu aya gé di Téangan!

Cigondéwah asal sawah
Wangunan pating Arimut,
Kanyaah ieu ngalayah
Keur Jungjunan Kapiémut!

Kong Liong caket Jamika
Kaburitan di Leuwi Anyar,
Kahoyong caket Salira
Ngawitan carita anyar!

Pagendingan Rajapolah
Kamari keur usum buah,
Dalingding ieu kanyaah
Mangga tampi ku kabingah!

'citra'

harendeg

lamun amengan ka sawah
resep derep jeung tandurna,
mun Pangagung Mikanyaah
kedah kerep ngahiburna!


nyandak huut tina leuit
mani imet kana kojong,
kedah emut kanu alit
masing inget keur di rojong!


aya pisin jeung pipiti
eusina kabéh tarasi,
lamun mah isin ku Gusti
pasti alim da korupsi!


ti padang geus mekel kupat
naha maké di puragkeun,
apan terang éta lepat
naha maké di teraskeun!


aspirin landong kasakit
enggal simpen kana baki,
mi maparin kanu Alit
bakal mayengkeun rejeki!


mun inget bakal ka lembur
tangtos moal rék meutingan,
mun inget bakal di kubur
tangtos moal neungteuingan!


'citra'


rumaos

abdi hoyong duit ketip
duit kencring nu baheula,
abdi jalmi anu laip
moal mecing jeung salira!


aya ngimpi nuju ngimpén
lilir na janari ahir,
ieu ati hoyong lirén
nampi kana garis ahir!



pagendingan rajapolah
kamari keur usum buah,
dalingding ieu kanyaah
mangga tampi ku kabingah!


hayang supa jeung sarundéng
tambih udang jeung kelewih,
na bisa bakal ngaréndéng
pami urangna patebih!


saninten di belah opat
di bungkus talina pita,
hapunten upami lepat
ieu mung tawis micinta!


'citra'


Mesem

aya gaang  nuang timbel
munding keur ngagayem areuy,
pabeubeurang taya damel
mending urang sisindiran!


cucurut ngobrol jeung beurit
yuyu gaang seuseurian,
camerut teu boga duit
hayu urang sisindiran!


bajigur lawuhna tales
papais jeung seupan hui,
tong ibur nyebatkeun tilas
ilih ké uwihan deui!


di lapang keur maen bola
di serangkeun babaturan,
kahayang mah silih bela
ngarah teras duduluran!

urang sami pada ngidul
naha leumpang beut ngalenggut,
urang sami pada dugul
naha make silih jenggut!

'citra'