Nyandak cabé ti Cikelét
Wadahna karanjang anyar,
Naha haté beut kapélét
Ku Mojang nu pindah anyar!
Salempay dina kiara
Di coér barudak récét,
Ningal gupayna Salira
Kana haté ting sérédét!
Laukna mani karumpay
Di wahangan ting kocépat,
Buukna mani ngarumbay
Di sawang matak tibelat!
Nu tangtos rék ka Cikandé
Bakal nyusul jam dalapan,
Nu tangtos dulang tinandé
Rumaos banda harepan!
Sadangserang Sukajadi
Cimahi Ka Cinta Asih,
Mun urang janten ngahiji
Widi ti Nu Maha Asih!
'citra'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar