Kamis, 19 April 2012

hapunten

Cisaraten ge di aprak
Abdi sareng babaturan,
Hapunten pami ngacaprak
Ieu ukur sisindiran!


Japuh di simpen di para
Ucing bungah neuteup milik,
Ripuh ning hirup Sangsara
Nangin ulah janten Belik!


Paingan teu aya paré
Da sawahna di ruangan,
Paingan teu bisa saré
Da teu aya katuangan!


Najan hujan terus ménbal
Tegal bécék usum ngijih,
Sanajan sagala mahal
Baé asal naék gajih!


Moro peusing tepi burit
Karenang di rubung laleur,
Pusing ku mikiran duit
Na panangan mani leueur!


Sanés tunggul awi gombong
Galian pikeun Kuburan,
Sanés Agul komo Sombong
Sisindiran keur Hiburan!


'citra'



Tidak ada komentar:

Posting Komentar