Mendak Gelang jeung Lélépén
Di simpen na kaso-kaso
Patepang kacandak ngimpén
Janten mantengkeun kasono!
Manggu teu aya cupatan
Di euntreupan ku waliwis,
Malem minggu kaleleban
Neuteup poto anu geulis!
Kamari ka Purwakarta
Ngan geuning kalah ka Nagrek,
Milari nu di picinta
Ngan geuning teu acan pendak.
Tikukur nyelap na awi
Kunu derep di piara,
Paur hilap ka sim abdi
Anu miharep Salira!
Numpak béca ka sukahaji
Rék ngantos di pasar burung,
Mun cinta atos ngahiji
Tangtosna ka bale nyungcung!
Goréng pisang bala-bala
Keur haneut raos nedana,
Melang hariwang nu béla
Keur layeut duka kamana?
Balébat aduh balébat
Ieu eurih ting arulang,
Ngolébat aduh Ngabéngbat
Ieu abdi hoyong tepang!
'citra'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar