Kamis, 19 April 2012

abong

Lisung mah jaman baheula
Heleran jaman kiwari,
Kaduhung tara ti heula
Matak kudu ati-ati!


Ti padang geus mekel kupat
Naha maké di puragkeun,
Apan terang éta lepat
Naha maké di teraskeun!


Aspirin landong kasakit
Énggal simpen kana baki,
Mi maparin kanu Alit
Bakal mayengkeun rejeki!


Katembong poé salasa
Di Cimahi papanasan,
Ulah abong keur kawasa
Mani teu aya ras-rasan!


Aya pisin jeung pipiti
Eusina kabéh tarasi,
Lamun mah isin ku Gusti
Pasti alim da korupsi!


Sawios na para baé
Batan dina palangdada,
Sawios sangsara baé
Batan jadi teu jamuga!


Mun inget bakal ka lembur
Tangtos moal rék meutingan,
Mun inget bakal di kubur
Tangtos moal neungteuingan!


'citra'



Tidak ada komentar:

Posting Komentar