Kamis, 19 April 2012

Kanyaah

Gedebage Leuwi panjang
Mawa bola ka Cipadung,
Mun gede sing jadi talang
Geura belaan nya Indung!


Lembang jeung Jayagirina
Situ Buleud Purwakarta,
Kagembang kanu seurina
Ka Baeudna oge Cinta!


Gang Luna Siti Mariah
Keur leutik sok huhujanan,
Nyanggakeun ieu kanyaah
Tong nampik mun di paranan!


Citatah ka Situ Lembang
Caringin mani ngabadeg,
Talatah keur nu ngagémbang
Ngan Angin kalah gigideug!


Ti banten rék ka batawi
Nyandak hayam jeung babaya,
Sing percanten kana jangji
Subaya moal Sulaya?


 Ti Sénén tepung ka Sénén
Barangbang masih di poé,
Hengén ulah ngaharénén
Urang ngabangbrangkeun haté!


'citra'

Tidak ada komentar:

Posting Komentar