Sadinten di Rajapolah
Saparantos ti Cimanggung,
Mun Anjeun leubeut kanyaah
Tangtos seueur nu ngadukung!
Kuhoyong ngawédang bandrék
Tales jeung hui gandola,
Kuhoyong tepang sadérék
Anu leres bakal béla!
Ibun na jukut tetelar
Walungan ngéplok caina,
Muhun da kitu ilahar
Geus nanjung poho jangjina!
Sapédahna gaduh dua
Nu goté di galeuh batur,
Henteu kedah ngarasula
Nu saé seueur bersukur!
Sanés hoé gaduh dua
Ngan ieu bahan rauteun,
Sanés haté ngarasula
Ngan ieu bahan émuteun!
Leres geuning kembang eros
Sanés malati campaka,
Leres geuning némbé ngartos
Ditampi ku ieu cinta!
'citra'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar