Kamis, 19 April 2012

emut

Mun ulin ka Sukamanah
Ngawiat salam Pangbakti,
Mun sadaya Abdi Amanah
Rahayatna bakal Mukti!


Jeruk purut Daun waluh
Di beungkeut talina kawat,
Mun nurut Papatah Sepuh
Salamet dunya aherat.

Teu bisa Ka palimana

Macét lebah Pesalaran,
Can bisa disebat Iman
Mun tatangga kalaparan.

Manuk haur jeung cangehgar
Aleuntreup na dahan jati,
Hirup mah kedah ihtiar
Miharep kadeudeuh Gusti !

Kadipaten Gunung Jati
Kang Haji nganggo Sorban na,
Papasten ti Hyang Widi
Rang tampi ku kasobaran.

Ti subang ka jayagiri
Ngirim dukuh jeung petina,
Mun urang apal ka diri
Pasti wawuh ka Gusti na.


'citra'

Tidak ada komentar:

Posting Komentar