Rungsing Ati
<Mama'e Fidhel Chantix>
Cai pinuh ti sungapan
Kulahna tepi ka ngéplok,
Abdi mah pinuh harepan
Suga Asih bisa amprok!
Apanan ieu téh seureuh
Kunaon di sebut honjé,
Apanan abdi téh deudeuh
Kunaon beut haré-haré!
Lamun arék di talikeun
Kadé pegat nya talina,
Lamun arék nya ninggalkeun
Leuwih hadé ti ayeuna!
Di sidik di ulak-ilik
Hérang kawat tali eunteung,
Di pikir di bulak-balik
Kalah matak jadi puyeng!
Kamari geus ti banjaran
Nempo huma jeung sawahna,
Abdi jadi panasaran
Kuhayang Nempo nyaahna!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar