Abdi mah kajeun ka Indung
Tibatan kudu ka Bapa,
Abdi mah kajeun rék pundung
Tibatan kudu di dua!
Ti Cikalong ka Panglejar
Kiara di sisi leuwi,
Kamelang jadi ngolembar
Na Salira gaduh deui?
Panyileukan ka Gang Lapang
Basa girimis kamari,
Di Lieu teu daék datang
Naha pasini beut lali!
Kajeun abdi nyekel lisung
Batan kudu daék nutu,
Kajeun abdi arék nyandung
Batan daék nyeri huntu!
Ti Kembar badé ka Déngki
Reureuh di Gang Haji Kurdi,
Pabencar rasana ati
Beubeureuh beut gaduh deui!
Bajigur lawuhna tales
Papais jeung seupan hui,
Tong ibur nyebatkeun tilas
Bilih ké uwihan deui!
'cltra'
Tidak ada komentar:
Posting Komentar