Kamis, 19 April 2012

harendeg

lamun amengan ka sawah
resep derep jeung tandurna,
mun Pangagung Mikanyaah
kedah kerep ngahiburna!


nyandak huut tina leuit
mani imet kana kojong,
kedah emut kanu alit
masing inget keur di rojong!


aya pisin jeung pipiti
eusina kabéh tarasi,
lamun mah isin ku Gusti
pasti alim da korupsi!


ti padang geus mekel kupat
naha maké di puragkeun,
apan terang éta lepat
naha maké di teraskeun!


aspirin landong kasakit
enggal simpen kana baki,
mi maparin kanu Alit
bakal mayengkeun rejeki!


mun inget bakal ka lembur
tangtos moal rék meutingan,
mun inget bakal di kubur
tangtos moal neungteuingan!


'citra'


Tidak ada komentar:

Posting Komentar